Naon anu dimaksud paguneman

Paguneman nyaeta kagiatan ngobrol atawa ngawangkong dua arah, silih tempas atawa tanya jawab. Palaku dina paguneman aya dua urang atawa leuwih, kalimahna mangrupakeun kalimah langsung. Aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi saperti sawala atawa diskusi, sedengkeun conto paguneman teu resmi saperti ngawangkong atawa ngobrol jeung babaturan atawa jeung indung bapa.

Dina paguneman aya sababaraha rupa aturan atawa unsur penting anu perlu diperhatikeun sangkan paguneman bisa dilakukan saluyu jeung nu dipikahareup. Unsur-unsur nu penting antara lain nyaeta bentesna sora, luhur handapna sora atawa nu sok disebut lentong, pilihan kecap-kecap anu disaluyukeun jeung lawan nyarita, sarta unsur penjiwaan pikeun mastikeun yen pesen atawa cacaritaan teh bisa nepi kalayan jelas.