Naon nu di maksud kecap rajekan

Anu dimaksud kecap rajekan teh nyaeta kecap anu disebut dua kali atawa dirajek boh engangna boh wangun dasarna. Salian ti dirajek boh engangna boh wangun dasarna, aya oge kecap rajekan anu ditambahan ku rarangken, boh ditambahan ku rarangken hareup boh ditambahan ku rarangken tukang.

Aya sawatara rupa kecap rajekan, nyaeta anu disebut Kecap Rajekan Dwipurwa, Kecap Rajekan Dwimadya, Kecap Rajekan Dwilingga, sarta Kecap Rajekan Trilingga.

Kecap Rajekan Dwipurwa nyaeta nu dirajek engangna atawa suku katana, Kecap Rajekan Dwimadya nyaeta anu dirajek engang tengahna, Kecap Rajekan Dwilingga nyaeta anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni) jeung anu dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka), sarta Kecap Rajekan Trilingga nyaeta anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna.

Kategori Soal : Bahasa Sunda

Kelas : – (SMA)

Kata Kunci : Kecap rajekan